Srikandi nyaéta salah saurang anak Raja Drupada jeung Déwi Gandawati ti Karajaan Pancala anu mecenghul dina wiracarita Mahabarata. Manéhna mangrupa panitisan Déwi Amba anu tiwas alatan panah Bisma. Dina buku Mahabarata manéhna dicaritakeun lahir sabagé wanoja, tapi diasuh jiga lalaki, atawa kadangkala boga bagapurusa netral (waria). Dina vérsi pawayangan Sunda jeung Jawa lumangsung hal anu ampir sarua, tapi dina pawayangan Sunda jeung Jawa mah dicaritakeun yén manéhna lakirabi jeung Arjuna sarta hal ieu mangrupa béda anu pohara jauh lamun dibandingkeun jeung carita Mahabarata vérsi India.

Harti ngaran

Dina basa Sansakerta, Srikandi diejah Śikhaṇḍin, wangun feminimnya nyaéta Śikhaṇḍinī. Sacara harfiah, kecap Śikhandin atawa Śikhandini hartina “ngabogaan rarawis” atawa “anu ngabogaan jambul”.

Srikandi dina Mahabarata

Dina kahirupan saméméhna, Srikandi lahir sabagé wanoja nu ngaranna Amba, anu ditampik ku Bisma pikeun lakirabi. Alatan ngarasa kahina sarta hayang ngabales dendam, Amba ngadoa sangkan jadi cukang lantaran patina Bisma. Kahayangna katedunan mangsa Amba nitis ka Srikandi.

Dina waktu lahir, bapana ngasuh Srikandi jiga ka budak lalaki. Mangkana Srikandi hirup kawas lalaki, diajar élmu perang sarta satuluyna ngawin wanoja. Dina peuting munggaran lakirabi, pamajikanana ngahina dirina sanggeus nyaho hal anu sabenerna. Sanggeus mikiran cara maéhan manéh, Srikandi kabur ti Pancala, tapi disalametkeun ku saurang Yaksa anu satuluyna nukurkeun bagapurusana ka Srikandi. Srikandi balik sabagé lalaki sarta hirup bagja babarengan jeung pamajikanana sarta ngabogaan anak. Sanggeus pupus, bagapurusana dipulangkeun deui ka Yaksa.

Srikandi dina Pawayangan Sunda jeung Jawa

Srikandi lahir alatan kahayang kadua kolotna, nyaéta Prabu Drupada jeung Déwi Gandawati, hayangeun boga anak nu lahir kalawan normal. Dua lanceukna, Déwi Drupadi sarta Dréstajumena, dilahirkan ngaliwatan pamujaan. Drupadi dilahirkan tina seuneu pamujaan, samentara haseup seuneu éta ngajanggélék jadi Dréstajumena.

Déwi Srikandi pohara resep kana olah kaprajuritan sarta mahér dina ngagunakeun pakarang panah. Kapinterna kasebut dipibandana sabot manéhna guguru ka Arjuna, anu satuluyna jadi salakina. Dina lakirabi kasebut manéhna henteu boga anak.

Déwi Srikandi jadi conto pikeun prajurit wanoja. Manéhna jadi pananggung jawab kasalametan sarta kaamanan kasatrian Madukara jeung sagala eusina. Dina perang Baratayuda, Déwi Srikandi maju jadi sénapati perang Pandawa ngagantikeun Resi Séta, satria Wirata anu geus gugur dina nyanghareupan Bisma, sénapati agung balatentara Kurawa. Kalayan ngagunakeun panah, Déwi Srikandi bisa niwaskeun Bisma, luyu jeung supata Déwi Amba, puteri Prabu Darmahambara, raja nagara Giyantipura, anu teu kahaja tiwas ku Bisma.

Dina ahir riwayatna, Déwi Srikandi dicaritakeun tiwas ditelasan pati ku Aswatama anu nyulusup ka keraton Astinapura sanggeus lekasanana perang Baratayuda.

Kurawa

Kurawa (basa Sansekerta: कौरव; kaurava) nyaéta kumpulan antagonis dina wiracarita Mahabarata. Ngaran Kurawa sacara umum hartina “turunan Kuru”. Kuru nyaéta ngaran Maharaja anu mangrupa turunan Bharata, sarta nurunkeun inohong-inohong dina wiracarita Mahabarata. Kurawa ngarupakeun satru kabuyutan para Pandawa. Jumlah maranéhanana nyaéta saratus. Maranéhanana anak prabu Dréstarastra anu lolong ti permaisurina, Dewi Gandari.

Harti

Istilah Kurawa anu dipaké dina Mahabarata ngabogaan dua harti:

  • Harti jembar: Kurawa ngarujuk ka sakumna turunan Kuru. Dina harti ieu, Pandawa ogé kaasup Kurawa, sarta kadangkala disebut kitu dina Mahabarata.
  • Harti heureut: Kurawa ngarujuk kana garis turunan Kuru anu leuwih kolot. Istilah ieu ngan kawates pikeun anakna Dréstarastra, sabab manéhna mangrupa turunan anu pangkolotna dina garis turunan Kuru. Istilah ieu henteu ngawengku anak Pandu, anu ngadegkeun garis turunan anyar, nyaéta para Pandawa.

Riwayat singket

Dina Mahabarata diceritakan yén Gandari, pamajikan Dréstarastra, hayang boga saratus anak. Saterusna Gandari ménta ka Abiyasa, saurang patapa sakti, sarta ditedunan. Gandari jadi ngandeg, tapi sanggeus lila ngandung, anakna teu lahir waé. Manéhna jadi timburu ka Kunti anu geus méré Pandu tilu urang anak. Gandari keuheul, tuluy neunggeulan kandunganana. Sanggeus ngaliwatan mangsa ngajuru, anu lahir tina pianakanana ngan saukur sagumpal daging. Abiyasa saterusna nyiksikan daging kasebut jadi saratus bagian sarta ngasupkeunana kana 100 gentong, anu saterusna dipelak dina taneuh salila sataun. Sanggeus sataun, gentong-gentong kasebut dibuka deui sarta tina tiap gentong, muncul orok lalaki. Anu pangheulana mecenghul nyaéta Duryodana, dipirig ku Dursasana, sarta barayana anu séjén.

Sakumna anak Dréstarastra tumuwuh jadi lalaki anu garagah. Maranéhanana ngabogaan baraya nu ngaranna Pandawa, nyaéta kalima anak Pandu. Sanajan maranéhanana duduluran, Duryodana anu mangrupa baraya pangkolotna para Kurawa, sok ngarasa timburu ka Pandawa, utamana ka Yudistira anu rék dicalonkan jadi raja di Astinapura. Akibatna muncul pacogrégan anu puncakna jadi hiji perang rongkah di Kurusetra.

Sanggeus perang rongkah nu lumangsung salila dalapan belas poé, saratus anak Dréstarastra gugur, kaasup incu-incuna, kajaba Yuyutsu, anak Dréstarastra anu lahir ti saurang dayang. Anu pamungkas gugur dina perang kasebut nyaéta Duryodana, baraya pangkolotna para Kurawa. Saméméhna, adina anu ngaranna Dursasana gugur ku leungeun Bima. Yuyutsu nyaéta hiji-hijina anak Drétarastra anu salamet dina perang di Kurusetra alatan ngabiluk para Pandawa sarta manéhna neruskeun garis turunan bapana.

Para Kurawa

Di handap ieu nyaéta daftar ngaran-ngaran saratus Kurawa anu dibédakeun jadi dua vérsi, vérsi India jeung vérsi Indonésia. Dua Kurawa utama nyaéta Suyudana landihan Duryodana jeung Dursasana nu disebut leuwih tiheula dina daftar kasebut. Saterusna anu séjén disebut nurutkeun urutan aksara.


Vérsi Indonésia

  1. Duryodana (Suyudana)
  2. Dursasana
  3. Abaswa
  4. Adityaketu
  5. Aloba
  6. Anadresya (Hanyadresya)
  7. Anudara (Hanudara)
  8. Anurada
  9. Anuwinda (Anuwenda)
  10. Aparajita
  11. Aswaketu
  12. Bahwasi (Balaki)
  13. Balawardana
  14. Bagadatta (Bogadenta)
  15. Bima
  16. Bimabala
  17. Bimadewa
  18. Bimarata
  19. Carucitra
  20. Citradarma
  21. Citrakala
  22. Citraksa
  23. Citrakunda
  24. Citralaksya
  25. Citrangga
  26. Citrasanda
  27. Citrasraya
  28. Citrawarman
  29. Darpasanda
  30. Dreksetra
  31. Dirgaroma
  32. Dirghabahu
  33. Dirgacitra
  34. Dredahasta
  35. Dredawarman
  36. Dredayuda
  37. Dretapara
  38. Duhpradarsana
  39. Duhsa
  40. Duhsah
  41. Durbalaki
  42. Durbarata
  43. Durdarsa
  44. Durmada
  45. Durmarsana
  46. Durmukha
  47. Durwimocana
  48. Duskarna
  49. Dusparajaya
  50. Duspramana
  51. Hayabahu
  52. Jalasanda
  53. Jarasanda
  54. Jayawikata
  55. Kanakadwaja
  56. Kanakayu
  57. Karna
  58. Kawacin
  59. Kratana
  60. Kundabedi
  61. Kundadara
  62. Mahabahu
  63. Mahacitra
  64. Nandaka
  65. Pandikunda
  66. Prabata
  67. Pramati
  68. Rodrakarma (Rudrakarman)
  69. Sala
  70. Sarua
  71. Satwa
  72. Satyasanda
  73. Senani
  74. Sokarti
  75. Subahu
  76. Sudatra
  77. Suda
  78. Sugrama
  79. Suhasta
  80. Sukasananda
  81. Sulokacitra
  82. Surasakti
  83. Tandasraya
  84. Ugra
  85. Ugrasena
  86. Ugrasrayi
  87. Ugrayuda
  88. Upacitra
  89. Upanandaka
  90. Urnanaba
  91. Weda
  92. Wicitrihatana
  93. Wikala
  94. Wikatanana
  95. Winda
  96. Wirabahu
  97. Wirada
  98. Wisakti
  99. Wiwitsu (Yuyutsu)

Wyudoru (Wiyudarus)

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s