Neng Desi Xii Ips 3 Kakawasaan Kakawasaa…

Neng Desi
Xii Ips 3

Kakawasaan
Kakawasaan (power) téh sipatna abstrak, tapi gedé pangaruhna kana kahirupan dina hirupkumbuh. Aya kakawasaan formal, anu dicekel ku jalma-jalma nu dibarendo, calik jadi ménak (pejabat) pamaréntah atawa nagara. Aya kakawasaan informal, anu kapanggih di diri para tokoh masarakat, anu sanajan henteu nyangking kalunggguhan formal pamaréntahan, tapi sagala omongan sarta paréntahna diéstokeun ku balaréa. Biasana jalma nu kitu disebut kagungan karisma, atawa tokoh karismatis.
Sakapeung aya jalma anu nya tokoh karismatis, nya jeneng nyangking kalungguhan di pamaréntahan. Idéalna mah mémang unggal pejabat téh miboga kharisma, sangkan diambeuan jeung diéstokeun ku bawahan jeung lingkunganana. Tapi ayeuna di urang geus lila henteu aya pejabat anu karismatis ku sabab pribadina miboga wibawa anu matak sérab jalma sabudereunana. Ayeuna mah pejabat téh dicekel ku jalma nu “kaanggo” ku dunungan ku sabab pinter ngalakukeun ABS (Asal Bapa Senang) atawa AIS (Asal Ibu Senang). Jeung ayeuna mah pejabat téh sok otomatis dianggap pamingpin, sanajan henteu miboga wibawa. Padahal pikeun jadi pamingpin mah jalma kudu miboga wibawa jeung karisma. Ari wibawa jeung kharisma henteu bisa dibisluitan da éta mah tumuwuh bareng jeung jalmana anu omongan jeung kalakuanana diajénan ku lingkunganana. Pikeun diajénan ku lingkungan henteu bisa didadak cara anu diangkat jadi pejabat ku nu keur nyekel kakawasaan formal.
Pangipukan calon pamingpin téh organisasi anu séhat. Tapi organisasi di urang ti wangkid jaman Démokrasi Terpimpin ku PBR (Pemimpin Besar Révolusi) Bung Karno geus dikabiri. Organisasi anu wani némbongkeun pamanggih anu béda jeung anu resmi, komo anu wani entang-entangan ngiritik mah dibubarkeun atawa dilarang. Dina ngayakeun pilihan pamingpin organisasi anu démokratis dina mu’tamar atawa kongrés, pamaréntah salilana sok pipilueun. Lamun jalma anu kapilih téh lain anu dipikaresep ku nu keur nyekel kakawasaan, pamaréntah nolak hasil hasil kongrés atawa mu’tamar téa, kalawan alesan “teu meunang clearence”, “teu disatujuan” ku pamaréntah jeung réa deui. Biasana sok diayakeun mu’tamar atawa kongrés deui anu milih jalma anu dipasang ku pamaréntrah di éta organisasi. Cindekna kabébasan némbongkeun pamanggih jeung ngayakeun organisasi anu dijamin dina Undang-undang Dasar, sacara démonstratif dirumpak ku pamaréntah. Boh pamaréntah Orde Lama boh pamaréntah Orde Baru. Tur teu aya anu wani ngélingan, sabab sakabéh jalan geus dipeungpeukan.
Sabada Orde Baru rungkad, dina jaman réformasi, nepikeun pamanggih jeung ngawangun organisasi atawa partéy téh jadi bébas. Jiga anu mabok, jalma ngagunakeun saban kasempetan pikeun nepikeun pamanggih atawa kahayangna, bari henteu merhatikeun merenah henteuna. Protés jeung démonstrasi méh saban poé kajadian di sakuliah Indonésia, kalawan alesan anu rupa-rupa. Lembaga éksékutif anu dina jaman Orde Lama jeung Orde Baru nyekel kakawasaan anu mutlak, sabada jaman réformasi mah kakawasaanana jadi ngurangan. Sabalikna lembaga législatif anu dina jaman Orde Lama jeung Orde Baru ngan ukur jadi “yésmén” kahayang éksékutif, miboga kakawasaan nu leuwih gedé, nepi ka kaum éksékutif ngareunteut haténa.

Andriawan
Xii Ips 3
Khutbah ku Basa Sunda
Baheula mah khutbah téh kudu dina basa Arab baé, padahal jama’ahna henteu ngalartieun basa Arab. Béh dieu khutbah ku basa Arab geus beuki langka, sabab mémang henteu aya larangan khutbah ku basa nu lain basa Arab. Di Tatar Sunda (kaasup Banten) mimiti khotib khutbah dina basa Sunda atawa Indonésia. Tapi ka dieunakeun, khutbah dina basa Indonésia beuki populér, sabalikna nu khutbah dina basa Sunda beuki ngurangan.
Di masjid-masjid di Bandung, geus langka anu khutbahna ku basa Sunda. Alesanana “henteu kabéh jamaah bisaeun basa Sunda, da réa nu lain urang Sunda”. Tapi anu khutbah ku basa Indonésia, sanajan jama’ahna kabéhanana urang Sunda anu tanwandé ngalartieun basa Sunda, lain ngan di kota gedé cara Bandung baé. Dalah di masjid kacamatan cara Cilimus (Kuningan), khutbahna (jeung katerangan anu ditepikeun ku ahli masjid saméméh khutbah) ditepikeunana ku basa Indonésia. Naha sikep kitu téh ku lantaran hayang ngabuktikeun rasa kabangsaan? Wallahu’alam, tapi rasa kabangsaan mah henteu kudu ditepikeun ku basa Indonésia. Suratkabar Sipatahoenan anu dina basa Sunda dina mangsa samémeh perang digolongkeunana kana surat kabar nasional, sabab eusina némbongkeun sikep kabangsaan. Hal éta némbongkeun yén rasa kabangsaan gé bisa ditepikeun ku basa Sunda – atawa basa dérah lianna. Pikeun jadi Indonésia, urang Sunda henteu kudu eureun jadi Sunda.
Naha ku lantaran ngagéhan ka nu kabeneran aya jalma anu henteu bisaeun basa Sunda jadi jama’ah di dinya? Sikep ngagéhan malah ngahormat ka sémah téh cenah salah sahiji sipat urang Sunda anu cenah némbongkeun kaluhungan budina. Tapi naha enya nyarita (dina hal ieu khutbah) ku lain basa Sunda duméh aya jamaah nu lain urang Sunda téh némbongkeun kaluhungan budi? Naha ciri kaluhungan budi téh leuwih mentingkeun sémah, manan pribumi anu jumlahna leuwih réa? Wallahu’alam. Tapi sikep kitu ogé bisa jadi gambaran tina jiwa katut sikep anu henteu istikomah, henteu yakin kana diri sorangan, ku sabab geus biasa ngawula kana kapentingan batur.
Kungsi milu Juma’ahan di masjid Turki deukeut Amsterdam, nagara Walanda. Éta masjid disebut kitu sabab diadegkeun ku komunitas urang Turki anu hirup di Walanda. Jama’ahna réréana urang Turki, sanajan réa muslim bangsa séjén, kaasup Walanda gé nu sok saralat di dinya. Saméméh salat Juma’ah, aya pangajian anu ditepikeun dina basa Turki. Dina waktu salat, khutbah ditepikeun dina basa Turki. Lain henteu tarerangeun yén aya bangsa séjén anu milu salat di dinya anu henteu bisaeun basa Turki, tapi maranéhanana mentingkeun ngawedelan kaimanan bangsana nu tanwandé leuwih merenah ditepikeun ku basa Turki, sanajan maranéhanana hirup di pangumbaraan.
Sabalikna waktu Juma’ahan di masjid Indonésia di Den Haag, khutbah ditepikeun dina basa Walanda anu titatarajong ku khotib urang Indonésia. Padahal di masjid éta téh jamaahna réréana urang Indonésia sanajan mémang aya bangsa séjén ogé, di antarana aya duaan atawa tiluan urang Walanda nu bisa jadi moal ngartieun kana basa Walanda anu digunakeun ku khotib.
Nu kasaksian di masjid Indonésia di Den Haag sarua jeung nu ayeuna biasa kasaksian di masjid-masjid di Tatar Sunda jeung Banten. Khotib anu khutbah dina basa Indonésia di Tatar Sunda gé réa anu basa Indonésiana titatarajong. Naha atuh maksakeun teuing khutbah dina basa Indonésia? Naha lain dina basa Sunda baé? Boa-boa geus hésé néangan khotib anu lancar lamun kudu khutbah dina basa Sunda téh.
Sarah Fitri R
Xii Ips 3
Diajar Maca
Basa kuring asup ka kelas hiji Sakola Rayat (ayeuna mah Sakola Dasar), dina pangajaran maca, ngagunakeun buku Diajar Maca (mun henteu salah kitu judulna). Poho deui saha nu ngarangna. Ngan dina éta buku, murid anu kakara diajar maca cara kuring, diajar ngéjah. D-i d-i … Didi; Y-o y-o …. Yoyo ….. W-i w-i ….. Wiwi jeung saterusna. Murid diwanohkeun heula kana aksara, boh anu aya soraan (vokal), boh anu henteu aya soraan (konsonan). Ngan ku lantaran euweuh soraan, aksara lambang konsonan mah sok ditambahan ku “e” heulaeunana. Jadi “Ed-i .. di, Ew-i …. wi, En-a …. na” jeung saterusna.
Ngajar maca cara kitu téh disebut diajar ngéjah. Ku sabab jumlah aksara Rum anu dina basa Sunda disebut aksara Latén téh ngan ukur sawatara likur, atuh méméh anggeus kelas hiji ogé murid téh kabéhanana geus apaleun kana sakabéh aksara. Lamun budak geus apaleun kana sakabéh aksara, hartina manéhna baris bisaeun maca naon baé, pangpangna anu dina basa Sunda atawa dina basa séjén anu sistim éjahanana henteu béda, cara upamana basa Indonésia.
Tapi dina taun 1960-an, para sarjana anu kakara mulang diajar di nagara Kanguru dina raraga Rencana Kolombo nganggap yén sistim ngéjah téh tinggaleun jaman. Anu dianggap bener mah anu disebut “sistim global”. Ari dasar falsafahna nyaéta ku lantaran urang dina waktu nénjo kecap téh henteu saaksara-saaksara tapi sagemblengna, cara ari urang ningal karéta api henteu sagerbong-sagerbong, tapi saruntuyanana. “Sistim global” téh digunakeun di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggris, sabab dina basa Ingris mah aksara téh henteu salilana sarua diunikeunana, upamana aksara “u” henteu salilana diunikeun “u”, lamun mandiri dibaca “yu”, tapi lamun di antara dua konsonan sakapeung dibacana “a” cara dina “but”, tapi sakapeung “u” cara dina “put”. Kitu deui aksara “i”, lamun mandiri dibaca “ai”, tapi lamun bareng jeung aksara séjén, béda-béda ngunikeunana, sakapeung dibaca “ai” cara “time” dibaca “taim”, tapi sakapeung dibaca “i” cara dina “bit”. Aksara “a” sakapeung dibaca “éi” cara dina “take”, tapi sakapeung dibaca “a” cara dina kecap “answer”. Aksara “o” biasana dibaca “o” cara dina kecap “long”, tapi lamun aya dua sakapeung dibaca “a” cara dina “blood”, tapi sakapeung “o” baé ngan rada panjang cara dina “door”. Sakapeung deui “o” téh dibaca “wa” cara dina “once”. Cindekna sora unggal aksara dina basa Inggris mah henteu angger, béda jeung dina basa Sunda anu salilana angger. Aksara “a” diunikeun “a” sanajan di mana baé diperenahkeunana, jeung dihijikeun jeung aksara naon baé gé. Kitu deui aksara “u”, “i”, “o”, “é”, “e”, “eu” tara robah unina naha mandiri, naha saheulaeun atawa sapandeurieun konsonan, atawa di antara dua konsonan, angger baé.
Kitu deui aksara konsonan dina basa Sunda mah angger diunikeunana di mana baé tempatna. Béda jeung dina basa Inggris, apan konsonan “g” sakapeung dibaca “g” cara dina kecap “egg”, sakapeung dibaca “j” cara dina kecap “logic”. Kitu deui konsonan rangkep “gh” (sakapeung diunikeun “g” cara dina “ghost”, sakapeung “h” cara dina “though”, sakapeung “k” cara dina “lough”), “t” (sakapeung “t” cara dina “hit”, sakapeung “c” cara dina “tulip”) jeung réa-réa deui.

Kiki agustina
Xii ips 3
Gerakan Kasundaan

GEUS lila aya kateusugema di kalangan urang Sunda, ku sabab dina balantika nasional langka urang Sunda anu meunang kapercayaan pikeun nyangking kalungguhan penting. Éta kateusugema téh sok diupahan ku ngabobodo manéh, ngarasa dianaktérékeun, atawa nyalahkeun sipat urang Sunda anu cenah “sok ngaheulakeun batur”, “henteu karooh ku kalungguhan”, “daék éléh sungkan meunang”, jeung sabangsana.
Dianak-térékeun – henteu mustahil. Tapi naon sababna merenahkeun diri jadi “anak” lain jadi “bapa” atawa “indung”? Sanajan tangtu baé, masih kudu dipaluruh sacara obyéktif naha enya aya anak téré jeung anak teges di lingkungan nagara Républik Indonésia. Naha timbulna rasa dianaktérékeun téh lain ngan ku lantaran mémang urang Sunda éléh dina persaingan nasional anu saenyana mah lumangsung sacara fair?
Lamun enya kitu, kateusugema ku nyalahkeun batur téh istuning kaliru. Sabab di alam démokrasi nu jadi dasar nagara Républik Indonésia, saenyana euweuh anak téré atawa anak teges, henteu aya bapa téré atawa indung téré, da kabeh sélér kalungguhanana sarua satata. Mémang kungsi aya mangsana urang Sunda ngarasa henteu sugema ku ayana kawijakan “ko” jeung “non” pamaréntah anu nyababkeun réa urang Sunda anu kapabel nyekel kalungguhan di pamaréntahan Jawa Barat digésér ku sabab dianggap “ko”, diganti ku nu henteu kapabel tapi anyar datang ti Yogya nu dianggap “non” – anu réréana urang Jawa. Kana ayana kawijakan pamaréntah anu maliding sanak, timbul gerakan kasundaan dina taun 1950-an nu puncakna ngayakeun Kongrés Pemuda Sunda. Gerakan kasundaan harita babarengan jeung gerakan di daérah-daérah lianna anu pada-pada ngarasa henteu sugema ka pamaréntah Pusat anu didominasi ku urang Jawa anu beuki déngdék ka kénca ku sabab dina Pemilu munggaran (1955) di luar sangkaan sareréa, PKI jadi partéy kaopat nu unggul pemilu, nepi ka Presidén Sukarno keukeuh hayangeun ngawangun “kabinét kaki empat”. Tapi para formatur kabinét anu ditugaskeun ngawangun “kabinét kaki empat” téa teu aya nu sanggupeun. Kabinét nu disusun ku PM Ali Sastroamidjojo gagal nyanghareupan gerakan-gerakan daérah, nepi ka bubar. Presidén Sukarno ngaluarkeun “Konsépsi Presidén” (1957) nu intina dua hal: kahiji, ngawangun Kabinét Gotongroyong anu ngajak PKI asup jadi anggota kabinét jeung kadua ngawangun Déwan Nasional anu jadi panaséhat pamaréntah tur anggota-anggotana diwangun ku wakil-wakil golongan fungsional jeung wakil-wakil daérah, dipingpin ku Presidén ku anjeun. Presidén ku anjeun anu milihan anggotana. Sabada Kabinét Ali Sastroamidjojo bubar, Presidén Sukarno ngangkat warganegara Dr. Ir. Sukarno jadi formatur sarta ngagunakeun wewenang Panglima Tertinggi dina kaayaan perang (SOB) ngangkat jalma-jalma jadi anggota kabinét nu teu meunang nolak. Nu diangkat jadi Perdana Mentri kabinét nu dingaranan Kabinét Karya téh Ir. Djuanda Kartawidjaja, urang Sunda. Tugasna antarana nyanghareupan gerakan-gerakan daérah. Sukarno gé bisaeun nurutan Walanda ngalakukeun adu domba.
Para pamingpin gerakan daérah nu umumna para panglima di Sumatera jeung Sulawesi (jadi kabéh gé tentara) dina rapat di Sungai Daréh (Januari 1958) ngadongsok presidén sangkan ngabubarkeun Kabinét Karya anu diwangun sacara henteu sah da presidén diangkat jadi formatur mah ngalanggar UUDS 1950 (nu jadi UUD nu sah harita), bari ngusulkeun sangkan Bung Hatta jeung Sultan Hamengku Buwono IX asup kana kabinét. Tapi pangdongsokna anu ditungtungan ku ultimatum téh henteu diwaro, nya tuluy ngawangun “kabinét tandingan” PRRI.

Iklan

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s